NINA MINCREUNK - BULAN SAPOTONG (OFFICIAL MUSIC VIDEO)

Опубликовано: 01 Январь 1970
на канале: DHProduction Indonesia
3,138
37

Prod. DH Production Indonesia
Song Writer : Dose Hudaya
Artist : ‪@ninamincreunkchannel8484‬

Lirik :
Asa garariung
ngadangu jangjina
Anu araramis tina lambeyna

Asa bararosen
ngahampura manehna
Nu resepna ngulang kasalahan

Dimana aya endahna
dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna hate
taya lirenna

Bulan sapotong
kiatkeun abdi kiatkeun
Buleudkeun hate
leupas ti manehna

Bulan sapotong
datangkeun atuh datangkeun
Gaganti Cinta
anu langkung sagalana

Kembang cinta nu layu
Teu ngarep sirungan deui
Teu nyesa maruragan
kabawa angin

Tali cinta nu putus
Teu ngarep rek nyambung deui
Hate tos cape nyabaranna

Dina hate abdi
meni bersih ti namina
Kabawa palid ku cipanon

Asa garariung
ngadangu jangjina
Anu araramis tina lambeyna

Asa bararosen
ngahampura manehna
Nu resepna ngulang kasalahan

Dimana aya endahna
dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna hate
taya lirenna

Bulan sapotong
kiatkeun abdi kiatkeun
Buleudkeun hate
leupas ti manehna

Bulan sapotong
datangkeun atuh datangkeun
Gaganti Cinta
anu langkung sagalana

Kembang cinta nu layu
Teu ngarep sirungan deui
Teu nyesa maruragan
kabawa angin

Tali cinta nu putus
Teu ngarep rek nyambung deui
Hate tos cape nyabaranna

Dina hate abdi
meni bersih ti namina
Kabawa palid ku cipanon